Hyang Sukma Ayu

Lirik Lagu:

Hibar Bentang Seah Peuting
Hiliwir Angin Ngadangding
Keclak Hujan Narembongan
Ninggalkeun Halodo Panjang

Daun Awi Dodongkoan…
Bungah di Hujan Munggaran…
Simpe Mepende Kalungse…
Kuluwung Mungkas Ka Bingung…

Tungkul Ajrih Nyi pohaci
Neuteup Lemah Panganjrekan
Kasorang Lampah Harepan
Eunteup Maneuh kalakonan

Nyi Ratu Nyurup Mi Indung
Marengan Suwungna Waktu
Kembar Talaga Ngagenclang
Ngirut Imut Waktu

Ngahiyang Miraga Sukma
Nganteurkeun Maneuhna Kisunda
Katresna Nincak Ka Mangsa.
Kasambut Hirup Rahayu….
Hidep genclang talaga
Hidep raray katresna
Hidep nyurup na ratu
Hidep Bulan Pangbalikan